Si Kasja ngejat. Mimitina mah dicarékan ku bapana, tapi bet kalepasan, nepi ka diteunggeulna pisan. Ari geus karuhan anakna minggat mah, Bapa Si Kasja teu burung kaduhung, terus baé ditéangan. Tapi sanggeus sababaraha poé, lebeng euweuh raratanana. Tungtungna Bapa Si Kasja gering, nepi ka maotna. Sanggeus ditinggalkeun ku salakina, Bi Arwiah hirup kadua anakna, Si Inén. Paga…
Payung butut nyaritakeun hiji Naib nu agul ku gelar raden jeung ngaku yen manehna teh turunan dalem. Ki Naib nolak panglamar Kuwu keur anakna lantaran lain turunan menak, padahal antara neng Ebah (anak Ki Naib) jeung Suganda (anak KUwu) geus aya pakait pikir.
Rajapati di Pananjung ngagambarkeun kajadian rajapati di tempat wisata Pananjung, Pangandaran, waktu aya rombongan para pamuda datang ka dinya. Yoyo, salah saurang di antarana, papanggih jeung urut kabogohna anu geus kawin jeung nu sejen. Waktu keur paduduaan, urut kabogohna teh mulangkeun ali nu dibikeun ku Yoyo ka manehna baheula. Eta ali ku Yoyo dibikeun deui ka kabogohna nu ayeuna ngilu pik…