Text
Elegi Patani (Kumpulan Sajak)
antara melak jeung metik
sok mindeng manggih paceklik
loba rupa hama pare
taya geusan tibra sare
lamun patani ngajerit
lain sabab hama beurit
lamun patani guligah
lain pedah gagabah ngajual gabah
lamun nafasna ngahegak
eta tandana geus soak
lamun awakna haropak
tandana geus beak dengkak
panenna beak ku berak
cekerna bengkak
kacugak luhak tangkulak
paingan ceuk aki
patani mah angger bae kari daki
Tidak tersedia versi lain