Payung butut nyaritakeun hiji Naib nu agul ku gelar raden jeung ngaku yen manehna teh turunan dalem. Ki Naib nolak panglamar Kuwu keur anakna lantaran lain turunan menak, padahal antara neng Ebah (anak Ki Naib) jeung Suganda (anak KUwu) geus aya pakait pikir.
Rajapati di Pananjung ngagambarkeun kajadian rajapati di tempat wisata Pananjung, Pangandaran, waktu aya rombongan para pamuda datang ka dinya. Yoyo, salah saurang di antarana, papanggih jeung urut kabogohna anu geus kawin jeung nu sejen. Waktu keur paduduaan, urut kabogohna teh mulangkeun ali nu dibikeun ku Yoyo ka manehna baheula. Eta ali ku Yoyo dibikeun deui ka kabogohna nu ayeuna ngilu pikā¦
Lembur Haur Geulis keur harengheng, lantaran aya budak nu leungit. ceuk kapercayaan urang lembur eta budak teh kasarung di Leuweung Tutupan, hiji tempat nu sanget pisan.