Ngahuleng. Baluweng. Loba pisan nu kaalaman. Réa teuing nu kacipta, nu kapikiran. Nu katarémbong. Nu karasa. Kalah nambahan baluweng. Jadi teu puguh naon heula nu kudu dipikiran, nu kudu dipilampah. Lieur. Manehna gogodeg sabot rumahuh… Di tegalan, bangké kuda beuki réa, pasoléngkrah, campur jeung mangpirang mayit. Banusan nu ngabarengkang. Sawaréh deui rarenghék dina ruhak nu marakbak…