Teu jauh ti lembur aya tangkal kiara nu umurna geus ratusan taun. Caroneom, geueuman, disebutna Legok Kiara. Rea dongengna Legok Kiara teh. Cenah nu ngalanto kadinya mah balikna so gering. Dipahing pisan barudak ulin ka Legok Kiara, komo wanci sareupna mah da cenah aya nu ngageugeuhna. Hiji mangsa, basa keur milu moro beurit, Emod jeung Si Sadun ulinna kamalinaan. Teu eungeuh geuning maranehna…