Sabada jadi anggota Koperasi mah Nana teu cape teuing ngurus dagangan hasil tatanenna. Bisa jongjon sakola. DI kebonna lain bae aya pelak sampeu jeung samangka, ayeuna mah geus ditambahan ku pelak gedang. Maksudna, lamun keur teu usum samangka, Nana bisa ngajual gedang. Uana kacida atohna, pedah kebonna bisa dimangpaatkeun. Indungna rueeus pisan ningali kamotekaran Nana. Nu leuwih matak ngagu…