Wilujeng enjing Pokna sajeroning hate bari mapantes lentongna jeung rengkuhna Ku manehna geus diajam ti anggalna yen lamun engke Anah ngalanggeor deui liwat ka hareupeunana moal deuk asa asa cara sasari cara dina mangsa mangsa sawatara bulan ka tukang rek ngawilujengkeun deui bari imut Wilujeng enjing Harita manehna Uca ngahajakeun indit ti imahna teh beda ti sasari leuwih isuk leuwih tangginas…